Jumat, 24 Agustus 2012

Holiday with My Family

Kamis, 23 Agustus 2012

Tamansari Bandung

  Dina dinten ieu, insya Allah urang sakualawargi bade liburan ka kebon binatang Bandung di Tamansari, awalna urang bade liburan sareng iyan jeung ujang di garut di kaluargina ibu, ngan aya sababaraha masalah anu nyebabkeun eta barudak duaan teu ngiring, ahirnya pun bapa ngajakan pun alo anu usiana masih 9 taun jeung duduk di bangku kelas 3 SD.
Arif namina:

Arif, 9 taun
   Urang  sadaya angkat kira kira tabuh 10 siang, janten anu angkat teh abi, gerry ganny, ibu sareng pun bapa di tambahan alo anu namina arif. Ahirna urang sadaya dugi di kebun binatang kira kira tabuh 11.

Urang Sakuala wargi
  Ditambih sang-Fotografer kasep (mereun) sa-jagadraya.

Ganny Gunawan
 Diditu urang sadaya mimiti asup di sayagikeun ku Buaya anu kacida ageungna, huntuna marencos, kukuna anu paranjang kacarida ageungna.


   Saatos urang ninggalian sasabaraha hewan, ditengah tengah kami papendah sareng pawang oray jeung merak, ahirna kami sukses berpose sareng oray anu hewan mematikan di tambah merak hewan anu saena kacida.



  Ahirna sim kuriung manggihan sasatoan anu tatadi ku abi pilarian, nya eta sang MONYET,
alhamdulilah monyet sehat walafiat aya di bobin teh :)


  Saatos berpetualang kaditu kadieu ahirnya urang sadaya uih ka bumi, sateuacan uih kami naek heula paparahuan. sakieu carita abi di tamansari Bandung, haturnuhun ka Gusti Allah anu atos masihan kasempetan di dinteun ieu :)




0 komentar:

Posting Komentar

Copyright Text